Haduh anjir geus lila teu ngajieun nu kieu, padahal dipikir pikir mah geus teu karasa geus sataun urang jadi blogger padahal sing sumpah na blogger nu baleg teh kumaha, nya kieu lah urg sa aya aya na teu bisa dibutuhkeun hehehehheheh, oke sesuai jeung judul ieu pasti ngabahas si anri emang saacan na ngabahas jelema ieu nu http://arsyadfauzi.blogspot.co.id/2016/03/tragedi-saung-si-anri.html?m=1 jeung nu http://arsyadfauzi.blogspot.co.id/2015/11/kesialaan-si-anri.html?m=1 jujur sih rada teu ngenah ka jelema ieu asa aib na teh dibuka kuurg heheheheh ampun an :( jadi kieu, ieu carita haneut keneh pas kamari lusa lah kira kira mah soal na ieu kajadian pokonamah puasa ayeuna taun 2016. Jadi kieu seperti biasa balik taraweh ngarumpul heula emang sih teu siga batur balik taraweh teh aya nu langsung balik tuluy sare meh sahur na seger aya nu maen petasan tapi barudak mah beda kadang ngagandengan batur jeung nyanyanyian teu jelas kadang mencetan bel imah batur hehehehhe tah suatu malam rek taraweh pan hujan aing indit make payung sorangan jaba poek baju poek batin poek, untung benget teu poek hehehhehe tah pas dihareup masjid eta si anri jol ngaleos hareupeun urang trs urang carekan
Aing: "eta kabaturan tileutik teh kieu? Jol ngaleos siga hayam"
Anri:"ehhh aa uji damang? Hampura atuh"
Aing:"ah gandeng, aing rek wudhu"
Anri:"engke tungguan"
Tah pas solat isya pan sieta sisieun urang heeh geus beres sieta jol katukang ka barudak
Aing:"tuh dak si anri mah geua nganggep urg kicik tingal beres solat teh cik salam atau aya basa mah ka babaturan"
Anri:"naon tah si uji urg titah tungguan keur wudhu jol ngaleos"
Wah pokonamah aing guntreng jeung sieta selama ceramah teh nepika balik ngarumpul heula di basecamp barudak
*dibasecamp*
Adi:"geus anjir ah eta si anri jeung ai uji mah kawinkeun we lah lieur guntreng wae"
Ian:"heeh eta aing keur sare jol hudang ieu duaan"
Dudung:"kunaha ieu teh atuh ah"
Anri:"ah geus ah aing tunduh rek balik, omat saur ulah siga si dapi teu sahur jol aya diwarteg eta"
Dapi:"naon gelo aing kakarak ngarokok ge"
Tah pas sieta balik pas aing ngahurungkeun si garet eta rewas ningali payung si anri
Aing:"di kadieu, eta payung si anri tingali"
Dapi:"eta ji cek pc ceuk si anri"
Aing:"heeh aing ampihan heula, di hayu balik"
Ian:" sia ji siga sarimin wae mawa payung 2 kitu"
Barudak:"HEEH AJIG MIRIP"
Aing:"ganden anak jurig siah aing rek balik, tiheula ah"
Adi:"ji, payung mnh mah leutik dieu kuurg bawa *aingmerekeun* *joldibuka*
Aing:"HEH SETAN IEU PEUTING TEH POEK LAIN HUJAN CUNGUR"
adi:"geus eta buka payung si anri, iraha gegeloan ji"
Gaspol we da si adi tea mawa motor teh siga valentino rossi versi kuli wah edan pokonamah bari payung dibuka, nanaonan coba, tah keur enak gaspol eta payung si anri jol roek lepas kabeh wah ruksak etamah
Aing:"eren di eren, anjir bedebah siamah, ieu teh payung penjabat dkm:("
Adi:"ahahha anjir ih ngakak hahahahaha"
Aing:"hanjir hahahahahha geus benerkeun heula, ah jaba poek ieu teh siga benget si dudung jeung dapi kieu, geus diimah urg we"
Tah diimah urg ngabenerkeun we trs beres we dengan lega dan diakhiri dengan makan cuangkie we duaan bari duduk di motor na sieta *anjirsiganaonwae;((((*
Nya apal sih ieu carita garing siga lauk asin jeung receh pisan siga duit gope dialungkeun sakieu heula ah loba da carita nu bakalan di pulish hehehehe ;(