Kamis, 26 April 2018

First Falling In Love In My Class

Bener teu sih judul na? biasa aing rek sosoan english tapi sieun salah hehhhe, Bodo ah nu penting aing bisa tutulisan didieu hehehheeh. Sesuai dengan judul ieu, Yap ini pertama aing pacaran sama temen sekelas, sebut saja Yanti. fisiknya ya pendek, muka kerung, buuk lurus dan aing poho deui geus lila teu merhatikeun wujudnya. Awal kenal sih ya pedah sakelas(HEEH ULAH DISEBUTKEUN DEUI, PENULIS NA TEU BALEG ANYING:( ). Nah pas deket namah berhubung sieta KPOP dan teteh aing pun KPOP sieta jol osok nanyaan teteh aing dan uniknya aing berfikir bahwa si Yanti ini adalah lesbi(heeh muka na kerung siga lintah darat:( ). Suatu hari saat istirahat, salah satu boyband terkenal konser di Indonesia, Si Yanti nanyaan teteh aing naha bisa dateng jeung bla bla bla bari aing teu ngarti tea lah kwkkwkw. Suatu hari lagi, Pas Istirahat juga si Yanti bersama siki na bernama Sarah. Yanti bilang bahwa sobat SMP na beja aing ganteng, Heheheh da kumaha deui Ponakan Alung Tom Cruise mah piraku teu ganteng mah.

Yanti:"Ji, Sini geura"
Aing:"Mbung ah bau"
Yanti:"Arisia baleg"
Aing:"Heeh aya naon?"
Yanti:"Eh poho, Nanti aja we"
Aing:"NAHA ARISIA NINI NGAGANGGU WAE"*narikirungna*

Disitu lah awal mula kebiasaan aing sok narik irung na, teuing kunaon da asa resep we hehehe, But aing can bogoh demi na.

Yanti:"Eh Uji sini"
Aing:"Moal baleg"
Sarah:"Serius ih sini makanya"
Yanti:"Maneh dibeja ganteng ku baturan aing, Hayang utah da aslina"
Aing:"Eh Lee Min Ho versi Bandung tea atuh hahaha, Saha emang na?"
Yanti:"Namanya Valerie, Nih fotonya, Tapi udah taken hahahaha"
Aing:"Anjir boleh lah, Kenalin"
Sarah:"Euh jones kolot sia"
Aing:"Sia emang payu hah?!:("
Yanti:"Tinggi arikamu, Moal pantes jeung maneh nu pendek mah"
Aing:"Arisia ngahina aing, Asa sia ge pendek nyai"

Aing pun sempat berkenalan sama si Valerie ini, Ya cacaprukan we da sieta geus boga kabogoh jeung aing keur ngadeketan si Maudy (coming soon). Semakin dekat jeung si Valerie semakin dekat juga sama si Yanti, sampe suatu hari si Aceng jol ngomong, Bari heureuy sih biasa nu gelo mah kitu.

Aceng:"Ji, Aya nu bogoh siah kamaneh"
Aing:"Ah aya pendeta aliran sesat ngomong"
Aceng:"Arisia baleg"
Aing:"Heeh saha emang?"
Emus:"Si Thesa paling"
Aceng:"Heeh tah si Thesa, Hahahaha"
Aing:"Ngomong we tah jeung penghapus aing" *NgasupkeunpenghapuskamulutsiAceng*

Saat itu pun jam terakhir, Waktunya pindah kelas karena Lintas Minat masing  masing, Ya kebetulan urang se LM sama si Yanti. Aceng pun menghampiri aing saat nunggu mau  masuk LM.

Aceng:"Ji, sini"
Aing:"Heeh apal si Thesa nu bogoh ka aing"
Aceng:"Lain arisia, Bieu mah urang heureuy meh teu kapanggih ka jelema na"
Aing:'Heeh sok saha?"
Aceng:"Si Yanti ari maneh, Sieta baper kamaneh"*denganbisikbisikdabisikapanggih*
Aing:"Naha bisa?"
Aceng:'Euh aya jelema na, Geus deketan we"

Aing antara bingung dan seneng, Bingung karena naha bisa kitu da aing tara ngadeketan sieta terus seneng lah da urang baru saja patah hati oleh si Maudy (Coming Soon). Ya itung - itung melupakan si Maudy ini urang mau sama si Yanti. Saat LM pun mulai dan aing jol diuk sabangku jeung si Yanti. Disitu aing ngaheureuyyan jeung moyokan ngaran bapa na bari pa bales - bales tea. Bel pulang sekolah pun berbunyi, Yes saat na balik mengkol ke tongkrongan barudak hehehehe, Ya walaupun aing aya urusan heula soalnya aing bantar lagi turnamen. Beres rapat pun tiba, Aing pulang naik angkot, Eh ada si Yanti, Pas didinya mah cuek pisan, Nyoo HP we da aing na ngahuleng da era wkwkwk, Terus aing ka imah si Ehan da gabut diimah mah kukumbah sagala rupa anying lah rudet:(.

Aing:"Han"
Ehan:"Hhhmmm"
Aing:"Han"
Ehan:"Hhhmmmmmmm"
Aing:"Han!"
Ehan:"Hhmmm!"
Aing:"Waro arisiaa!"
Ehan:"ENGGEUS ARISIA HAYANG DISIKUT?!"
Aing:"Eh iya ampun atuh maap"
Ehan:"Naon maneh manggil-manggil"
Aing:"Arisia PMS goblok? Siga ngajak gelut wae ngomong teh"
Ehan:"Aral gusti ditambah sia naon datang kadieu ngalilieur aing wae"
Aing:"Hehehehe"
Ehan:"Buru aya naon?"
Aing:"Maneh kan sa SD jeung si Yanti pan?
Ehan:"Heeh, Ieu foto na"
Aing:"Anjir culun"
Ehan:"Heeh da SD keneh, Pehul"
Aing:"Bener sia ngajak gelut?"
Ehan:"Geus atuh ngadon gelut"
Aing:"hehehe ya maap"

Saat ini pun aing mikir, Dari pada ngejar si Maudy gapasti mending jadian jeung si Yanti we walau sekelas, Apal aing ripuh bobogohan jeung sakelas teh. Hari senin pun datang, Aing dipaksa nembak si Yanti ku si Aceng, bangsat eta jelema lieur. Nya aing tea pemalu tapi memalukan, Jadi didudut ku si Aceng nya hararese. Dudutan pertama aing menghampiri bangku si Yanti dan meleos gitu aja.

Aceng:"SIA LALAKI LAIN? GENTLE ATUH"
Aing:"Goblok era atuh"
Aceng:"buru ditu"

Dudutan kadua aing jol ka bangku si Satria nu cicingeun.

Aing:"Satria, hayu ngarokok atuh cicing wae"
Satria:"Eh moal ah"
Aceng:"Si Uji eweh kawani"
Aing:"Ehhh ampun ceng ulah ngajewer ih goblok siamah"
Aceng:"Buru atuh tembak siateh"
Shafira:"Buru Uji cepetan ih"
Yuda:"Hayu Emus,Aceng, Shafira, Seret si Uji"
Aing:'Atuh arisia aing era"

Dudutan katilu pun aing dicang cang siga sapi rek di peuncit nya ku 4 jelema anjir.

Aing:"Yanti, Aku punya foto maneh pas SD"
Yanti:"Mana?"
Aing:"Yeuh"
Yanti;"Anjir sia ih hapus"
Aing:"Sarah, Hapus ulah?"
Sarah:"Send cik jang moyokan si Yanti'

Tah ieu nu matak reuwas, Sakelas keur sepi jol ararasup sontak pun aing reuwas dan aing pun menembak si Yanti.

Aing:"Yanti mau ga jadi pacar aku?"

Jol si Yanti teh nutupan muka ka si Sarah. Sakelas keun nga cie cie ari diiringi gitar ku si Anang. Aing pun mikir kayanya aing emang gapantes buat sieta eweh pdkt tapi jol nembak kan teu lucu jeung mamprang teuing dan aing pun mengucapkan.

Aing:"Kalo gamau mah gapapa da gausah dipaksain, Kasian kamunya"

Tiba tiba sieta narik tangan aing dan berbisik dengan pelan disisi ceuli aing "IYA" 

Sakelaseun:"Kumaha ji?"
Aing:"Ditolak"
Sakeulaseun:"Wah parah"
Yanti:"Arikamu ih"
Aing:"Hahahha nya ditarima atuh"
Sakelaseun:"Cieee"

Yah aing pun bobogohan sampe ya cukup lama. Kan ah baper aing flashback.

To be continue




Senin, 23 April 2018

Akibat semotor bertiga

Jadi kieu, nu maca carita ieu pasti pernah ngalaman nu samotor tiluan emang sih alay jeung bahaya siga terong terongan tapi lamun dipake hate beuh madep solid na ge karasa walaupum eta tindakan yg bahaya didalam kebodohan, aduh dasar teterongan 

suatu hari saat aing keals 10 SMA aing,Yuda, Alex, Emus dan Albert mau mabal ke rental ps (ulah diturutan da nu maca blog aing mah teu balangsak siga nu nulis na hehehe). singkat cerita motor ngan aya hiji yaitu motor na si Alex, alhasil kami ber 5 bingung dan si Albert pun mempunyai ide cermelang (tumben aya ide siieu, biasa sare jeung ngahuleng).

Yuda:"Sok rek kumaha ieu teh?"
Aing:"Piraku we 1 motor ku 5an, jaba awak Yuda jeung si Alex teh sagede bedug"
Alex:"Nyadar diri gentong(jaman kls 10 adalah terakhir aing gendut hehehe)
Albert:"Geus si Uji,Yuda heula we bawa kumaneh, Urang jeung si Emus didieu heula"

On the way barudakssss, samotor 3an anjir aing didempet ku gajah, si Alex teuing kagok meureun da mawa na beurat ari motor leutik. Geus kitu nyenggol spion mobil, ANJER DIKLAKSONAN ETA TEU EREUN - EREUN. selap selip DUAR JEGUAR DUAR BRUK NABRAK MOTOR NU NYEBRANG SIANJIR. Pipi aing tergores oleh aspal anjir ketampanan aing menghilang sementara ieu mah sosad. nantung ngenta hampura kanu di tabrak na, aing shock mulut pun terbisu seketika, EH SI ALEX MONYET NGADON KABUR ARI AING JEUNG SI YUDA DITINGGALKEUN. Reuwas pun sangat mengejutkan anjir, jol aya polwan aamukan, ARI PEK TEH PAS NYENGGOL JEUNG NGAKLAKSON TEU EUREUN- EREUN TEH IEU POLWAN. 

Polwan:"KALIAN ANAK SEKOLAH MABAL YA?! MAU JADI APA NEGERI INI KALO PENERUS BANGSANYA SEPERTI INI!" *barinamparaingjeungsiyuda*
Yuda:"Saya mah gasalah, Dia kabur bu"
Polwan:"KALIAN JUGA SALAH, GOBLOK BANGET SIH! SAYA POLISI!"
Yuda:"Saya sudah minta maaf bu"
Polwan:"MAAF APAAN! IKUT SAYA KE KANTOR"

AH AING MAH PIRAKU KAREK ASUP SENIOR HIGH SCHOOL GEUS ASUP PENJARA, SIEUN DEMI NA ATULAH :(

Polwan:"Nih pak, Periksa"

*yudaandaingmenjelaskankronologi*
*Aingdiobatankupolwangeulis*

Polwan Geulis:"Aduh de, lain kali mah tiati ya"
Aing:"Iya bu, Da ga sengaja sama buru-buru"
Polisi galak:"Nu kabur na kamana? teangan atuh mun heneu maraneh 2an moal bisa pulang"
Yuda:"Sieta na teu gaduh HP, Bumi na tos pindah"
Polisi Aki-Aki:"Euh atuh geus maneh asup penjara eta heula, Urang bawa ieu 2 budak ka pusat"

APA? PENJARA? JERUJI BESI? ATULAH SIEUN, AING GEUS SIGA PREMAN WAE DIPENJARA ATULAH HAYANG BALIK KANGEN SANGU SI MAMAH ATULAH :(

Polisi Aki - Aki:"Sok asup heula we nepi petugas ti pusat datang"
Preman Tato loba:"Kunaon atuh jang, Tawuran?"
Yuda:"He he henteu mang"

Aing dan Yuda pun ketakutan hingga merinding, da DEMI NA SIEUN LOBA PREMAN HUNGKUL, ASLI HAYANG CEURIK SIAH

8 jam kemudian pun datang petugas ti pusat, dibawa deui kadinya GUSTI NU AGUNG jeung mun hayang balik kudu kolot, untung bageur polisi pusat mah.

Polisi Gagah:"Sok jang asup ka mobil polisi"
Polisi Abah:"Saya nu nyetir"

Untung na teu galak jiga polisi nu bieu, nya heuruey wae polisi na.

Polisi Gagah:"Nu kumaha motor na? piraku teu apal mah"
Yuda:"Duka bapa teu terang abdi mah da di boar up kitu motor na teh teu ngarti"
Polisi Gagah:"piraku teu apal mah, Sok telepon kesiswaan"
Aing:"Abdi gaduh na walikelas pa"
Polisi Gagah:"Sok"
Polisi Abah:"Parawan keneh walikelas na?"
Aing:"Nini - nini pa"
Polisi Abah:"Ah mbung ah, keur maneh we"
Polisi Gagah:"Ari maneh naon aing dibere nu kitu"

Nepi we di kantor polisi pusat teh, Aduh aing asa siga gangster nu katewak wae kaluar ti mobil polisi jeung kawal deui bisi kabur.

Polisi Abah:"Sok ayeuna mah kolot maneh nu ngajemput atau si Alex eta nu kabur piwarang kadieu"
Aing:"Muhun pa, tiasa charge pa? hp abdi low"

Saat itu pun aing nelepon my mother, Dina telp ge geus aamukan, Komo geus ningali langsung euy, geus kitu datang kolot na si Yuda.

Mamah na Yuda:"Euh alus maneh jang kalakuan, moal jadi siah di pang meulikeun motor"
Yuda:"Atuda si Alex bu etamah, Abdi mah di bonceng"
Mamah na Yuda:"Ah naon ari maneh teu eling, geus moal jadi eta motor, ieu tah keur ongkos balik"

Dan polisi nu diimah aing nyaeta indung aing pun datang.

Mamah:"GUSTI NU AGUNG ETA MUKA KUNAON UJANG?! AYA AYA WAE KAMU MAH DA KALAKUAN TEH"
Aing:"Atuda...."
Mamah:"Atuda naon siah?"
Polisi Gagah:"Ibunda Uji? Punten bu saya minta keterangannya dulu"

Saat itu pun Aing jeung si Yuda ka imah si Alex, Si bedebah eta keur ngabaso diimah na :(

Yuda:"Alex"
Aing:"Punten, Aya Alex? Mun eweh semekdon we"
Yuda:"Arisia nu baleg"
Aing:"Eh iya maapin:("
Alex:"Kalem euy" *mukapanto*
Aing:"SIA ALEX NAON MUKA AING NU RUPAWAN IEU JADI ROWEK KU MANEH KASERET ASPAL"
Yuda:"SIA KEHED NAON KABUR MUKA WE SIGA BUTA HIDUENG ARI BATURAN DITINGGALKEUN"
Aing:"Parah maneh lex:("
Alex:"Nya atuh da hampura, motor eweh STNK, Kumaha sok mun disangka garong 3an ieu teh sok"
Yuda:'Heeh tapi aing seharian ditahan"
Alex:"Asup heula we yu"
Aing jeung Yuda:"Assalamualaikum"
Bapa Alex:"Waalaikumsalam, Alah maapin si Alex yah, jadi kalian korbannya, Aduh ini si kasep mukanya sampe gini"
Aing:"Ah gapapa kok pa heheheh(padahal mah rada dendam keneh ka si Alex wkkwkw)"
Yuda:"Cuma pa si Alex harus kesana pak, Biar kasusnya beres"
Bapa Alex:"Yasudah besok nanti Alex sama Mamahnya kesana"
Aing:"Yasudah pa saya pamit, Ibu saya takut nunggu"

*KeurkaluartigangimahsiAlex*
Aing:"Yud, Naha aing lieur siah"
Yuda:'Emang kitu ji, Kan labuh benturan jadi pusing"
Aing:"Ah maneh sosoan budak IPA pisan"
Yuda:"Ah anjir aya maneh mah musingkeun hirup aing"
Aing:"Hehehe maapin"

Hadeuh anjir parupa hirup teh, And maaf setaun ga nulis soalnya emang sibuk euy, Jeung demi na teu kapikiran ka blog aing sorangan hehehhe, Maklum ayeuna urg rek kuliah (teu karasa padahal mulai ngeblog 3 smp). MASIH BANYAK DA PICARITAEUN KEUR NGABLOG, Tungguan we hehehhe, Bye everybody!.