Sabtu, 28 November 2015

kesialaan si Anri

Ahhhh ayeuna mah cape nyarita soal masa lalu yang kelam dengan tiada hasilnya *anjiretabahasa*

Nya kali ieu mah emang moal nyarita tentang cinta tapi nyaritakeun batur urang nu pang sae na, nya sebut saja si anri, jadi pas aing keur nahan tunduh da soal na keur lalajo john cena vs rey misteryo tea nu make topeng, keur rame jeung nahan tunduh aya nu ngagogorowok

Anri:"ji ji ji!!!"
Aing:"kalem euy kalem, aya naon?"
anri:"arisia tunduh atawa mabok?"
Aing:"menurut maneh? Panon geus sipit kieu siga andy law kumaha?"
Anri:"ah sia aadatan wae abong geus boga codet teh"
Aing:"mamang codet tea atuh"
Anri:"ahh geus ji aing rek nebeng ngagodok mie"
Aing:"heeh jug ngagodog sorangan, nyelow jeung mamang codet mah"

Geus kitu datang si adi

Adi:"Jihh geura kaluar"
aing:"aya naon?"
Adi:"hayu ka imah si ian urang ngabanceng"
aing:"heeh engke nyusul, urut timana maneh?"
adi:"bieu ngaji jeung pa Mehmed"
aing:"allhamdulilah, nyageus engke nyusul"

Geus kitu mie na si anri jadi, aing ka mart heula rek meser nginum, tah anjir pas kitu aya nu jojorowokan manggil urang, suarana na siga si ian, anjir bener si ian, tijauh siga nu ngambek ka urang, panon beurem, mawa samurai, nungguan aing bari ngisep udud, bertanda apa gerangan? Apakah hirup urang kedeng deui? Apakah engke aing dikadek ku samurai na si eta? Alah kumaha ieu? Ahh urang ngagosok batu akik  we sugan bisa ngalawan si ian, EH ARI PEK TEH LAIN SAMURAI, TERNYATA KNALPOT BABATURAN NA, tijauh naha siga samurai, panon urang damang?:(

Ian:"ji, rek kaimah aing moal?"
Aing"ehh engke lah"
Ian:"si anri kamana?"
aing:"aya diimah urang, engke nyusul jeung sieta"

Pas rek lanjut ka mart deui, jol bapa na si anri, emang urang ngobrol jeung si ian hareuopein imah na si anri, ya bapa na si anri sebut saja pa Ali

Pa ali:"ejh ji, kamana si anri? Mantog teh teu bebeja"
aing:"aya di bumi abdi pa"
Pa ali:"nuju naon?"
Aing:"biasa pa si anri mah nonton film"
Pa ali:"film naon?p*rn* siahnya?!"
Aing:"ehh sanes pa, eta film na saha nu kasep siga abdi teh, si.... Tom Cruise tah pa"
pa ali:"ohh nyasok atuh"
aing:"tipayun ya pa:

Untung aing teu bebeja keur nebeng ngagodok mie, coba meren eta pa ali geus ngamuk siga brok lesnar dibanjur cai koneng meren:(
Tah pas diimah si ian ngabanceng, ehh tapi nu eleh tepak paha, sok lah der keun
Pas kitu ANJIR SI DUDUNG NAHA BISA JOL MEUNANG KITU BIASANA RAJA BANCENG MAH SI ADI, sumpah soak keung ai adi jol kesang panas tiria da sieun eleh tea, geus kitu si adi ngafullhouse, anjir si eta kadua, tinggal aing duel jeung si anri, geus kitu aing meunang yes paha aing selamat yea:(, geus kitu si adi, PLAK LANGSUNG TEPAK  PAHA NA SI ANRI, si dadung tepak na teu karasa, tinggal aing, pas tepak, PLAK!!! ANJIR TAPAK MANG CODET DIPAHA SI ANRI, SAAT DITEPAK PUN SI ANRI JOL JOJOROWOKAN SIGA NU REK DI MUTILASI ANJIR LEBAY:((
geus kitu mah geus baralik ka alam na masing-masing dengan si anri nyareuri ping ping kusabab ditepakan ku barudak:(

Tidak ada komentar:

Posting Komentar