Selasa, 02 Agustus 2016

12 july ke 17

Yey akhirnya nulis nu kieu, oke ieu mungkin carita tentang ultah aing nu ka 17 teu kolot kokot teuing lah yah hehehehe

Ok jadi kieu, seminggu geus ultah aing ngajakan barudak markas ngebir jeung ngesisha tah saacan ngumpul aing rek ngajailan babaturan heula nu geus nunggu di basecamp, emang sih biasa na nu ultah nu dijailan teh, tapi teuing kunaon urg hayang jol ngajailan.

*grupbarudakmarkas*
Aing:"oy dimarana?"
*spamP*
Mahar:"dieu ji markas"
Aing:"pap"
*simaharngepap*
Aing:"otw kalem"

Didinya aing leumpang we bari dijeket diturupan siga bangsat bulao, pas ngalewat eta belegug na budak markas teu ngeuh aing ngalewat, aing nyumput we bari ngudud disisieun markas

mahar:"eta si uji kamana? Eh rehe linekeun si uji buru"
Rehe:"kalem meuli rokok heula"

Tah didieu aing kudu was was eh kapanggih ku si rehe

Aing:"ssssstttttt aing rek ngajailan barudak ssattt"
Rehe:"heeh sans we"

Aing papanas we ngabejaan harkos ka barudak digrup si mahar nepika aadatan, aing mah nahan seuri we wkwkkwk

Mahar:"anjirlah arurang dibeja harkos, moal we ditaraktir ku si uji teh euy"
William:"heeh anjir, ah jangar, kalem meuli udud heula, aing engke ontrog kaimah si uji"

Tah pas rek ngahurungkeun udud si william teh disisieun aing, tapi belegug na sieta teu nyadar bahwa sisieun aing teh aing, lieur yah, aama aku juga HEEEEEE tah si Rehe teuing kunaon seuri, mungkin teu kuat nahan na kwkwkwkkw

Rehe:"anjir sia william belegug"
William:"naon ari maneh rehe"
Mahar:"eta siuji kamanah anjir, kesel aing nungguan na"

Datang we si Anri, dan pas pisan parkir na hareupeun urg, urg bere aba aba bahwa urg eweh, sieta reflek ngabantuan aing eweh trs sieta jol ngomong

Anri:"ehh siuji mana? Sieta nu boga hajat na piraku eweh euy"
Mahar:"teuing anjir sieta kamana"
Anri:"da kamari ge pas jumatan sieta ngerakeun pisan, balik jumatan teu disendal, ampun aing mah"
Rehe:"anjir sieta rehe na jadi nepika ayeuna"
Mahar:"heeh siga sia koplok"

Tah didieu aing kudu kumaha keur nutupan penyamaran urang ieu, alah si uwa aya lem aibon, aing terpaksa nyamar jadi budak bidon atawa budak punk, wayahna ngisep eta aibun, NGELEM BOSSSSS

William:"anjir saha eta? Wawanian ngelem hareupeun warung"
Mahar:"heeh anjir saha eta, cik will fc sieta"

ANJIR AING DIFC, langsung etamah aing nyumputkeun hp, aing ngisep aibon nepika overdosis, ehhh maksud na pura pura overdosia, jeung nu gelo na naon? Kabeh ngariung keun aing, didinya urg bingung kudu kumaha terus we ngelem nepika bodo sianying teh:(((( disisi lain ge si Rehe jeung si Anri seuseurian duaan, si William we jeung si Mahar ngahuleng tarik komo si Yayan mah matak jangar

Mahar:"will, mun si ieu lain siuji kumaha?"
William:"heeh anjir aing era mun batur mah"
*aingnangtung*
Aing:"HEH! SIAH NANAONAN HAH NGARIUNGKEUN AING!!, AING MBUNG DI GANGBANG KOMO KU LALAKI HOMO SIGA MANEH DUAAN"
Mahar:"ANJING SIA JI IH GEUS NGAJAILAN AING, AING MATAK AADATAN SIGA BANGKONG ZUMA MAEN DI PIZZA FRENZY"
Aing:"NAON ARISIA TEU NYAMBUNG PISAN JADI JELEMA"
william:"anjir bener si uji rehe na jadi"
Aing:"SIA DEUI NANAONAN DIDIEU? EMANG NA DIAJAK? HENTEU"
Rehe;"hahahhaha matakan aing sueseurian ge da urg geus apal eta siuji"
Anri:"heeh anjir aing ge kitu, pas kakarak datang siuji geua merekeun aba aba, wah bener berarti maraneh keur sijailan"
mahar:"JADI IEU NU ULTAH SAHA NU NGAJAILAN SAHA, KUDU NA ARURANG NU NGAJAILAN MANEH TEH JI"
Anri:"edan lah siuji mah, batur mah nu ultah nu dijailan, siuji ultah na bari ngajailan batur"
Aing:"naon sih an, sok tara nyambung"

Tah didieu datang si Adi jeung si Roy

Aing:"tah siki kanyut budak markas geus aya,buru caw, barudak geua aadatan"
Roy:"hujan tolol maen caw wae"
Aing:"HEH ROY BOTAK, IEU BARUDAK GEUS AADATAN DIJAILAN KU URANG ROY"
William, Mahar, Anri, Yayan, Rehe:"hhhmmmmmmm B aja sih"
Aing:"wah baelah"

*siAdingahurungkeunudud*

Adi:"caw kamana ayeuna? Malming yeuh aing geus ngorbankeun kabogoh demi mnh ji"
Anri, Mahar, Rehe, William:"Aing ge ji"
Aing:"EH SIA WILLIAM BOGA KABOGOH TIMANA HORENG MANEH, SAKITU JOMBLO SIAMAH"
William:"proses ji meuni ngagaik siga beurit kacepet"
Roy:"geus maraneh siapkeun motor, ji mnh jeung si William heeh, urg caw"
Barudak:"kamana?"
Roy:"gues tuturkeun si gue"

Berenyenggg we ka Braga tungtung namah ngasisha jeung bir kabeh eta urg nu mayar, asli ieu mah ngarasa dosa neraktir bari duit pas pasan dan aing cuma bisa ngagorowok didalam hati yang raheut oleh mantam dan wanita bajingan seperti anjing *apasihaingalay* "wahai dompetku sayang, maaf aku telah membuatmu kurus lain kali aku akan mencari uang untuk kau gendut seperti badannya pesumo pesumo dijepang" *barimelukdompet* tah di cafe eta si Roy dilayanan ku bule ceunah mah si bule eta nu boga na eta cafe

Si Bule:"hey boy blablabla" *teuing ngomong naon teu kaharti*
Aing:"roy, ngarti teu?"
Adi:"moal ge ngarti sieta mah ulin ge di sawah we nyoo bekicot si Roy mah"
Roy:"ehhh jadi kieu ceuk si bule eta teh, ceunah cafe ini beda dari yang lain"
Aing:"ohhh kitu, geua caw"

Ditengah herey dan menikmati pesanan jol aya sodara" na si Anri

Tante na si anri:"ETA SI ANRI, HEH KADIEU UWA KANGEN, WAHH GEUS GEDE IEU BUDAK"
Anri:"eh wa naha didieu? Nanti siibu kadieu?"
Tante na si anri:"heeh engke kadieu, tah si buke ieu teh temen lama ibu kamu"

Geus kitu datang keluarga na si Anri, etamah muka na era era hayang baong tea geuning, teuing ekspresi na kumaha. Tah pas balik na ngarumpul heula dimarkas, aya oge nu pulang langsung siga si Roy, Adi jeung si Mahar si Yayan pas dimarkas langasung balik. Tah pas si Rehe ngahurungkeun motor na, mogok anjor, wah ieu kudu kumaha, geus distep ku si William hese ku si Anri oge hese, lah wayah na ku aing dorong nepika imah urg.

*nyelah*
Rehe:"ANJIR BEDEBAH MOTOR AING"
aing:"kunaon he?"
William:"bawa kaimah manh heula ji"
Aing:"heeh bawa we sok step heula"
*dicobaan step*
William:"anjir hese"
Anri:"wah hese ieumah"
Aing:"an tiheula, pandu jalan kaimah urang, urang we nu ngadorong motor maneh he"

*ngadorongnepikaimahaing*
*ngelapngesang*

Aing:"anjir cape kieu, yeuh ngasirop heula"
William:"kumaha atuh he motor maneh?"
Rehe:"kalem aing telepon bapa urang heula"
Aing:"bapa maneh we kadieu"

*datengbapanasirehe*

bapa si rehe:"aduh jang hapunten bilih ngarepotkeu  ieu teh"
Aing:"ah teu sawios pa teu nanaon"
Bapa na si rehe:"hatur nuhunnya jang"

Dan akhirnya william balik dan rehe pun balik jeung bapana, kalo aku? Jadi duta sampo aja HAHHAHAHA NGALAWAK AING TEH TAPI GALUCU. Heup heula ah, loba da carita ieu, keur dijieun, btw aing keir rada ripuh jadi kieu byeeeeeeeee

Tidak ada komentar:

Posting Komentar