Dari postingan di http://arsyadfauzi.blogspot.com/2018/04/first-falling-in-love-in-my-class.html?m=1 terselip si Maudy, saha cik? Nya seperti biasa, proyek gagal mendapatkan hati si dia :(. Ciri fisik na sapantar, berisi, hitam manis imut unch lah, rada judes gelo na teh. Kenalan na jujur aing poho euy, pokonamah Maudy teh batur na batur aing si Jeny. Iya sempet dibantuan ku si Jeny namun nihil, tiap malem teteleponan, sieta aya nanaon urang selalu maju pang hareup na (geus siga preman wae aing ya). Si Maudy pang teu beuki na cowo perokok sedangkan aing sangat berat terhadap rokok. Kumaha teu ringan, indit sakola mengkol ka warung meuli sabatang jeung 2 gorengan, diajar istirahat dahar jol ka wc sakola da hararaseum biwir (TONG DICONTOH SIAH!) balik sakola ka basecamp barudak terus malem ka imah ngopi diwarung. Waw asa hidup aing tak bisa dipisah kan dari udud, sudah bagaikan sahabat yang tak bisa terlepaskan dan paling mengerti adalah udud.
Back to topic (teu baleg penulis na jol ngabahas rokok). Suatu hari baturan aing jeung si Jeny ultah, ngaran na si Wanda. Ka imah na we urg,Jeny,Wawan,Maudy. Nah jujur kan aing solat heula ka mesjis terdekar jeung si Wawan, aing imam na da kumaha deui nu soleh mah dititah imam wae hehehhe. Beres si Wawan ka si Wanda aing ngarokok heula. Si Maudy demi allah jutek na eweh dua, aing ngomong teu diwaro dasar kutil biawak. Saat itu pun si Maudy nempo urang keur ngarokok dan menambah badmoodnya. Yup da aing keur bubudakan keneh. Asup ka imah na aing jol didudut ku si Jeny jeung Wanda di kamar na si Wanda. Ah boa edan aing rek di threesome? Ulah atuh da aing suci keneh:(. Terus jol aing ditekean ku maraneh na
Jeny:"Sia ih deblo, beut ngudud"
Wanda:"Maneh mah ah"
Aing:"Cik ngarti atuh aing stres ari kalian, banyak pikiran, apal meureun aing carita soal rentenir dateng ka imah urang"
Wanda:"Heeh tapi kan teu kitu oge cau:("
Jeny:"Ah tau ah"
Aing:"Ya maapin dede yang polos ini:("
Jeny:"GEULEUH TEA!"
Aing:"Terus kudu kumaha?"
Wanda:"Tuh si Maudy ngedown, nanti minta maaf"
Aing:"Iya iya"
Sesudah pulang aing merenung di sisi jalan sampai menghabiskan rokok ku ini, dan berandai andai hingga terlintas dalam benak ku "kau bakar uangku, jiwaku,dan sekarang membakar asmaraku" namun entah mengapa masih ku nikmati si benda kecil bedebah itu.
*ayatelepontisiwanda*
Aing:"HBD YA semoga kamu jadi yan.."
Wanda:"NAHA ARISIA KUNAON!"
Aing:"Ehh aing poho"
Wanda:"Poho naon?"
Aing:"Eta batagor jieunan indung maneh ngeunah, jehehehe"
Wanda:"Yeuh cokot"
Aing:"Jauh"
Wanda:"Rujit maneh, geura minta maaf ke si Maudy"
Aing:"ASTAGFIRULLAHALAZIM, IYA, AING MALAH INGET BATAGOR INDUNG MANEH SIAH"
Wanda:"Ihh oon siamah, tau ah, bye~"
Aing tanpa pikir panjang langsung menghubungi si Maudy.
Maudy:"Hiks Hiks.Hiks"
Aing:"Kamu kenapa? Digegel sireum?"
Maudy:"BERCANDA AJA KAMU MAH"
Aing:"Iya iya maapin, kenapa? Tau kok aku salah"
Maudy:"Ayah aku, kakak aku ngerokok, dan aku gasuka rokok please kamu jangan!"
Aing:"Iya aku gaakan"
Seiring waktu berjalan menggunakan tongkat duka nganggo delman bodo amat ah :(. Kami lost kontak 2 minggu, aing khawatir, dan Jeny nelepon aing yang intinya bahwa urang harus menjauhi si Maudy, oke gapapa, wanita bukan hanya kamu saja! Gaakan pernah galau kalo persoalan ini mah tenang (Bari mewek nangkeup guling terus now playing lagu kerispatih jeung judika). Dan akhirnya aing didinya jadian jeung si Yanti (baca post sebelumnya) dan saat jadian jeung si yanti, Maudi tiba tiba ngeline ya intinya "selamat, langgeng ya" dan hingga saat ini pun masih berteman baik.
Dadah
wkwkw lucu deh
BalasHapus